اَلْحَمْدُ للهِ الّذِىْ اَكْرَمَ مَنِ
اتَّقَى بِمَحَبَّتِهِ, وَاَوْعَدَ مَنْ خَالَفَهُ بِغَضَبِهِ وَعَذَابِهِ, اَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ
وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَنَّ سَيْدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اَرْسَلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلى الدِّيْنِ كُلِّهِ.
اللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيْدِنَا مُحَمَّدٍ رَسُوْلِ اللهِ
وَخَيْرِ خَلْقِهِ, وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ جَاهَدُوْا فِى
سَبِيْلِهِ. اما بعد : فَيَااَيُّهَاالنَّاسُ اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ
تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
Maasyirul Mukminin rahimakumullah
Kecap takwa magrupa kecap anu
populer, populer dina ucapan nana, mung can can populer dina harti anu
saenyana, can populer ogé dina pengamalan-pangamalan sarta kesaharian urang sadaya.
Takwa tina sagi basa hartina “ngahindar atawa ngajauhan”. Naon bae anu ku urang
dijauhan mangka éta hartina urang geus taqwa tina naon anu ku urang dijauhan.
Taqwa ka Alloh ngabogaan harti ninggalkeun naon anu dilarangna, ngajauhan anu
janteun bebenduNa, ngahindar tina pirang-pirang ancemanana.
Hadirin sidang jum’at Rahimakumullah
Ketakwaan bisa digambarken dina kaayaan hiji jalma anu keur lalampahan ka
hiji tempat, bari eta jalanna pinuh ku cucuk, luak-leok jeung ngaliwatan gawir
anu nangtawing. Tangtu waé manéhna baris hati-hati. Kitu ogé taqwa. Jalma anu
ngabogaan kataqwaan tangtu bakal ati-ati dina kahirupanna, maranehna bakal hati-hati sangkan te kakeunaan
cucuk kagorengan atawa tigebrus kana milampah pagawea dosa.
Hadirin Rahimakumullah
Takwa aya dua macem, aya Takwa
duniawi aya takwa ukhrowi, alatan paréntah Alloh ge eta aya anu parentah
sifatna dunia sarta aya ogé paréntah anu akibatna baris urang rasakeun di
ahérat jaga.
Alloh nyaram hiji jalma ngadahar
kadaharan anu kotor anu haram, alatan lamun hiji jalma ngadahar kadaharan
kotor, maka tangtu bakal gering. Jalma Taqwa tangtu moal ngadahar kadaharan anu
kotor. Saterusna Alloh nyaram ka urang males, alatan lamun urang males, tangtu urang bakal jadi jalma
tukang menta-menta jeung ngajadikeun urang miskin. Jelema anu Taqwa nyaéta
jelema anu sok “kerja keras” nyukupan pangabutuhna. Éta conto ti aspék duniawi.
Sedengkeun aspék Ukhrowinya contona Alloh maréntahkeun urang solat, saha anu henteu
solat mangka di dunya manéhna moal meunang balesana atawa akibatna, tapi éta
engke beunangna di ahérat. Anu sholat oge kitu, pahalana bakal ditarima jaga di
akhirat. Ayana katenangan dina hate saengges sholat eta mah nga saukur penjer ti
Allah hungkul. Alatan kitu, lamun urang hayang kaasup Jalma Taqwa, maka urang
kudu nengetan kana dua aspék tadi.
Hadirin Rahimakumullah
Takwa nyaéta kecap anu ngagambarkeun sagala macem kahadean. Al Quran
nyebutkeun ragam cara pikeun ngajadikeun takwa. Di antarana:
Kahiji, dina surat Al Maidah [5] ayat 8 diseubatkeun
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُونُوا قَوَّامِينَ لِلَّـهِ
شُهَدَاءَ بِالْقِسْطِ ۖ وَلَا يَجْرِمَنَّكُمْ شَنَآنُ قَوْمٍ عَلَىٰ أَلَّا تَعْدِلُوا ۚ اعْدِلُوا هُوَ أَقْرَبُ لِلتَّقْوَىٰ ۖ وَاتَّقُوا اللَّـهَ ۚ إِنَّ اللَّـهَ خَبِيرٌ بِمَا تَعْمَلُونَ ﴿٨﴾
Dina ayat diluhur disebukeut اعْدِلُوا هُوَ أَقْرَبُ لِلتَّقْوَىٰ . Ngalampahkeun
ka adilan éta jalan anu pang deukeutna pikeun takwa. Adil nyaéta nempatkeun
hiji hal dina tempatna. Adil nyaéta mikeun ka batur hakna ku cara, jalan, waktu
anu sasingkat-singkatnya. Lamun urang mikeun hak batur tapi ditunda-tunda
mangka urang eta henteu kaasup adil.
Anu ka dua anu disinggung dina Al
Quran ngeunaan ketkwaan nyaéta “Wa an tafu, huwa akrobu lit takwa.” Mere
hampura éta téh jalan anu pang deukeuta pikeun takwa. Dina surat Al Araf [7]: 199 disebutkeun
Bere hampura, jeung geura arajak maranehna kana
ngalmpahkeun anu maruf, sarta geura ngabalieur ti jalma anu bodo.
Saterusna anu katilu, disebatkeun
dina Qs al hajj[22] ayat 32
وَمَن يُعَظِّمْ شَعَائِرَ اللَّـهِ
فَإِنَّهَا مِن تَقْوَى الْقُلُوبِ
Jeung singsaha ngahormat kana syiar-syiar Allah, nya
saestuna eta teh medal tina takwaning ati.
Jalma anu ngahormat jeung
ngangungken lambang-lambang kaagamaan, lambang-lambang Alloh, lambang-lambang
agama, syiar-syiar agama, kalawan ngarasakeun kagungan Alloh mangka éta
mangrupa pertanda manéhna ngabogaan ketakwaan.
Hadirin Rahimakumullah
Alloh ngajangjian dina surat at
Thalaq pikeun jalma anu Taqwa [65]: 2-3
وَمَنْ يَتَّقِ اللَّهَ يَجْعَلْ لَهُ
مَخْرَجًا , وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُ
Sing Saha anu takwa ka Alloh, tanwande Alloh baris ngayugakeun
hiji jalan ka luar pikeun manehna, jeung Allah baris maparinkeun ka manehna
rejeki tina jalan anu henteu disangka-sangka.
Sing Saha jalama anu taqwa ka Alloh, mangka naon wae
permasalahan nana baris digampilkeun ku Alloh. Jeung sing saha anu takwa ka
Alloh, mangka Alloh bakal masihan pangampunan tina dosa-dosa anu pernah
dipilampah ku maranehna.
Mudah-mudhan Alloh anu maha rahman sareng Rahim
ngajanteunkeun urang sadaya kalebet jalmi-jalmi anu takwa ka Anjeunna.
Baarakallahu lii wa lakum
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى اَمَرَنَا
بِالاتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَّ
ِالهَ ِالاَّ للهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ اِيَّاهُ نَعْبُدُ وَاِيَّاهُ
نَسْتَعِيْنَ, وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمّدً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمَبْعُوْثُ
رَحْمَةً لِّلْعَالَمِيْنَ. اَلّلهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ علَى سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَاَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ : فَيَا
عِبَادَالله اِتَّقُ اللهَ تَعَالَى رَبَّ الْعَالمَِيْنَ
Jelema anu taqwa nyaéta jelema anu tara mawa fitnah, anu
sok adil, mere hampura ka batur, jeung ngagungkeun ka gusti Allah. Lamun
maranehna meunang kabungah maranéhna syukur, lamun kakeunaan balai maraehnahna
sabar, lamun aya nu ngageuingkeun maranehna narima, lamun dihina manéhna bisa
ngahampuura kanu ngahinan na. Éta sadaya manrupa tanda-tanda jelema anu takwa
anu kudu urang upayakan pikeun ngajalankeunana.
.. اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتِهِ يُصَلُّوْنَ
عَلَى النَّبِى يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ اَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا
تَسْلِيْمًا.اَلّلهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ
وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلاْحْيَاءِ مِنْهُمُ اْلاَمْوَاتِ اِنَّكَ سَمِيْعٌ
قَرِيْبٌ مُّجِيْبُ الدَّعْوَاتِ
Allahummaj’alna minal muttakina Abrar, wa laa taj’ala
minal mufsidina asrar.
Allahumma nasaluka bi kudrotik, an tumidduna fi jamii
kuwwa na ad dzahirati wal baatina bikuwwatim min kuwwatik.
رَبَّنَا اتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى
اْلاَخِرَةِ حَسَنَهً وَّقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
Wa sallallah’ala sayyidina muhammad, wa’ala alihi wa sahbihi wa sallam,
walhamdulilahirabbil’alamin
عِبَادَالله, اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ
بِالْعَدْلِ وَلاِْحْسَانَ وَاِيْتَائِ ذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ
الْفَخْشَاءِ وَالْمُنْكَرْ وَالْبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.
فَاذْكُرُوْا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُاللهَ اَكْبَرَ
اَقِيْمُوا الصَّلوةَ.